Sabtu, 18 Februari 2023


Nama                : Maulana Ibrahim
Kelas                 : 7H
Guru Pembimbing : Ibu Dian Mardiana, S.Pd

 Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nyaeta Dinda jeung Rani/ Manehna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba oge jalma anu nganggap manehma the duduluran, da saking akrabna unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.

Beurangna manehna boga jangji yen balik sakola nyimpang heula ka supermarket nu teu jauh jeung sakolana. Manehna kadinya the boga maksad rek meulikeun kueh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda teh jalna bageur, akuan pisan ari ka Rani the, sanajan lain cucuna oge. Lain eta hungkul, kadang mah ninina Dinda oge sok mere nasehat duit jajan ka maranehna duaan.

 Wanci geus nunjukkeun jam 3 sore, tapi Rani can aya wae kabarna. Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novel nu di bawa dina tasna. Maca novel teh the emang ka resep Dinda, beda jeung Rani mah anu leuwih resep maen basket. Sanajan beda karesep, tapi manehna kacida akurna. Lamun aya Latihan basket di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani Latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu oge sabalikna.

 Teu karasa wanci geus nunjukkeun jam satengah opat. “Aduh si Rani Kamana aya?. Tanya Dinda jero hatena”. Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam satengah manehna ngadagoan si Rani can aya kabar keneh wae.

Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!” Jol weh saurang rumaja bari lulumpatan nyampeurkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika” Tembal Rani tandes naker. 

 Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadenge alesan ti Rani. Ahirna maranehna jadi oge mangkat ka super market. “Ceuk urang oge lamun aya pancen di sakola, geura buru gawekeun peutingna” Dinda mere nasehat ka Rani bari rasa ngambek saeutik.

 Sateupina di tempat nu dituju, manehna tuluy meuli kueh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Ranu ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rek manehna belikeun ka ninina.

 Baju nu dipilih warna koneng, sababnyocokkeun jeung warna kulit Nini, beh rada ca’ang meureun pikirna ten nu nyieun manehna ngarasa eta hadiah anu paling cocok keur manehna belikeun jang ninina. Keur Rani, Nininan Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung ka manehna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.

 Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa Bungan. Sarengsena ngabelanjakeun kabutuhan naon wae nu maranehna hayang, manehna tulut balik sabab maranehna geus didagoan di iman Dinda. Kusabab kitu, maranehna buru-buru balik.

 Satepina di imah, manehna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggao Rani the salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda oge sok negetan ka Rani. Rasa kakaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkan di kaluarga Dinda.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  Praktik Baik : Menjadi Content Creator Bernilai Citra Roska Awaliyah, M.Pd Guru IPA SMPN 3 NGAMPRAH Calon Guru Penggerak Angkatan ...