Azahra sabila
Guru pembingbing: ibu dian mardiana
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung
Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu
nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat
ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka
sakola.
Beurangna manéhna boga jangji yén
balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana.
Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si
Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh,
sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré
naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda
ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh
émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét. Sanajan
béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda
sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan,
kitu ogé sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana
nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam
setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé. Teu kungsi lila aya
sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda.
“Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik
sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.
Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani,
ahirna maranéhana jadi ogé mangkat ka super markét. “Ceuk urang ogé lamun aya
pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna” Dinda meré naséhat ka Rani bari
rada ngambek saeutik. Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh
jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda
jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna belikeun ka ninina.
Baju nu dipilih warna konéng, sabab
nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca’ang mereun pikirna téh nu nyieun
manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina.
Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda
sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka
kaluargana Dinda.
Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa
kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon
waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di
imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik.
Sateupina di imah, manéhna geuwat
disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani téh salaku
kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka
kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di
keluarga Dinda.
Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain
kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok
ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani
umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani geus tara kapanggih deui
jeung indungna.
Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya
waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian,
sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun
kalayan nyata.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar