Nama : Rahil Hikmah .C Kelas : VII
B
G, Pembimbing
: Bu
Dian
Sasarengan jeung babaturan nu lain maranehna ngumpulkeun duit jeung meuli bal plastik nu hargana 5 rebuan. Sanggeus meunang bal, Rafka, Riski jeung Faliq langsung maen kalawan sumanget. Samemeh maghrib, maranehna langsung balik ka imah masing – masing. Mandi, wudhu terus angkat ka musholla edek ngaji. Angkatna ge sasarengan. Saacan balik maranehna nyempatkeun gunem heula.
Ampir unggal poe maranehna kumpul, utamana dina libut. Maranehna pasti ulin nepi ka poho waktu. Nepi ka Riski dicarekan emakna. Tinggal poe pasti bareng. Dugi ka dina hiji poe. Maranehna tos kelas genep SD bade naek ka SMP. Kalawan tujuan sakola sanggeusna beda.
Riski beda ngilu lanceukna nu tinggal daerah Jakarta. Sedangkeun Faliq bade sakola di daerah ninina nu tinggal di Jawa. Rafka tetep milih SMP nu aya di daerah desana. Ngadenge hal ieu maranehna, bingung, sabab moal bisa ulin babarengan deui. Bade ngabantah tapi ieu ceuk emak bapana. Dek kumaha ge maranehna kudu nurut. Pas perpisahan, maranehna pamit ka Rafka. Tapi ieu sanes perpisahan, ieu cara papanggih di masa nu bakal datang tur jadi bahagia.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar