SOHIB
KA SYURGA
Pangarang:
AZKA RAHMA ARIQA
Kelas:
viic
Guru
pemimbing: Yeni Suryani S.P.D
Kenalkeun nami
abdi Amir Januar Yakub. Bumi abdi di gapurahyang desa kertamandala. Abdi lahir
dina kaluargi anu berkecukupan, Bapa di pigawe di salah sahiji pabrik anu aya
di kota ciamis. Ema sok dagang awug, keur ngacukupan pamasukkan sapopoe. Amir
boga sohib ngaranna Tobi. Bapa Tobi ngantunkeun basa Tobi alit keneh, tur Ema
Tobi ngantunkeun sa minggu saatos Bapa Tobi ngantunkeun. Basa eta Tobi masih
keneh kelas tilu.
Dina hiji poe aya Amir
jeung Tobi anu keur maen gatrik di lapangan.
“Mir eta punteun kadieu keun’’
Panunjuk Tobi ka batu anu aya di payuneun Amir.
“Anu ieu?”Amir ngajawab
“ Muhun”ceuk Tobi
Waktos tos nunjukeun saban poe Amir
sareng Tobi teras aruih ka bumina masing masing.
“Amirr.... Amiirr...”Sampeur Tobi
sareng Ilyas kabumi Amir.
“Oh barade ka pangaosannya?”
“Muhun”Saur anu duaan
“Kadieu di lebet” Saur Ema Amir
“Hayu Mir” saur Ilyas
“Hayu” Amir ngajawab
“ Ema abdi bade ka pangaosan
heula”Saur Amir menta widika Emana
“ Oh enya, sing dipaparinan
kasalametan tur di pinteurkeun, mugia janten ilmu anu mangpaat”Dua ibu Amir.
Amir sareng Tobi, Ilyas langsung
ngaraos. Saperti biasa ngan ti magrib dugika isya.
“Mir tugas ti Bu Anggi atos
rengse?” Taros Ilyas,
“Astagfirullahalazim teu acan abdi
hilap” Amir ngajawab
Uihna Amir langsung
ngerjakeun tugas anu Bu Anggi tugaskeun.
Amir dibantosan ku Bapana. Bapana
emang pinteur, hanjakal Bapa tara di imah, Bpana pulangna sa Minggu sakali pas
dinten Ahad hungkul.
“Mir, ieu di jumlahkeun weh”
Ceuk Bapa Amir
“Oh muhun Pa” saur Amir
Pagina Amir indit ka
sakola da Amir da Amir masih keneh kelas Dalapan SMP dina salah sahiji smp
Negri anu aya di Ciamis. Biasana lamun angkat sakola Amir sok sumanget. Beda
jeung ayenaAmir asa teu ngareunah hate.
Amir ka sakola di anter aku bapa da
sakalian bapa gawe.
Di tengah tengah palajaran sakola
Amir di panggil ku Wali Kelasna. Ngaranna Sri Rahayu atawa sering di sebat Bu
Ayu.
“ Mir, bener bapa nuju dipigawe?”
taros Bu Ayu
“Muhun Bu, aya naon kitu Bu?” Amir
balik naros
“ punteun tadi tabuh sapuluh bapa
ngantunkeun. Sing sabar Amir, Bapa tos tenang di surgana Alloh Amir sing loba
ibadah ngadua ka Alloh. Bapa tadi ngantunkeun di pabrik Mir.’’
Teu aya hujan teu aya
angin, Amir ceurik di dinya oge.
“ Ibu naha Bapa bisa cilaka?”Taros
Amir
“ ieu tos hukum karma Mir, sagala
anu lahir pasti bakal uih ka anu nyiptakeun Amir kudu ikhlas sabab cita cita
makhluk anu aya di dunya eta pasti bakal maot mir” Saur Bu Ayu
Amir teuras ningggalkeun Bu
Ayu
“Amir bade kamana?” taros Bu Ayu.
“Amir bade uih ibu” Amir ngajawab
Amir diuk dina hiji bangku anu di
sadiakeun keur diuk santai di taman.
Tobi anu geus nyaho Bapa Amir
ngantunkeun teras nyampeurkeun.
“Amir, abdi tos nyaho bapa Amir
kunaon”
“Abdi oge pernah ngalaman juga
Amir, awalna Bapa anu pupus teras Ema”Saur Tobi.
‘’ sing inget Mir anu datang pasti
uih pas waktuna datang.” Saur Tobi
“Amir ulah uih sorangan, engke
Alloh ambek ka Amir.”Saur Tobi
“Tobi nyaho kumaha jadi Amir ayena,
tapi Amir tong ceurik wae karunya Bapa.”Ceuk Tobi
“Dipikir pikir bener oge anu di
waleran Tobi, kaluargi Tobi tos teu araya, Amir kuduna bersyukur aya keneh
Ema.” Ceuk Amir dina jero hate
“Tapi Tob manya takdir Amir meni
goreng kieu?,atawa kusabab Amir anu lalay kana ibadah?”Taros Amir
“Urang ulah nyalahan takdir, takdir
tos aya anu ngatur moal mungkin takdir lepat jalmi, mustahil Mir. Lamun soal
ibadah sok Amir benerkeun deui ti syahadat langsung sholat, anu gampang
gampangna we heula Mir.”Tobi nasehatan
“Rek kumaha wae Amir bakal tetep
jadi sohib abdi, urang ngalengkah ka jalan anu bener Mir ti ayena ku abdi di
bantosan ti 0 dugika 100% “ Tobi mere nasehat ka Amir anu nuju sedih.
“ Nuhun Tob, anjeun sok bageur ka
abdi, nuhun pisan lamun abdi keur kieu anjeun sok ngabantosan abdi dina sagala
hal hatur nuhun Tob” Amir ngucapkeun rasa syukur, sabab babaturanna anu kacida
bageurna.
TAMAT
BIODATA PENULIS
NAMA: Azka Rahma Ariqa
KELAS: VIIC
ALAMAT: jln Cimale permai rt 004 rw
004 kec ngamprah kab BANDUNG BARAT
SEKOLAH: SMPN 3 NGAMPRAH
HOBI: MELUKIS, MENGARANG
TANGGAL LAHIR: 18 OKTOBER 2009,
BANDUNG BARAT

Tidak ada komentar:
Posting Komentar