Latihan Sasarengan
Halimah Rayya Jasmine 9B
SMPN 3 NGAMPRAH
Guru penbimbing : Citra Roska Awaliyah, M.Pd
Bulan Nopémber kamari, sakola abdi badé aya acara panyambutan pangawas PKKS. Abdi sareng réréncangan pramuka badé nampilkeun senam semaphore. Dua minggon leuwih urang latihan kanggo panyambutan. Tina nentukeun lagu, gerakan, sampé diterapkeun dina latihan sasarengan. Urang ogé badé kolaborasi sareng ékskul paskibra. Ti mimitina, ekskul pramuka sareng ékskul paskibra, badé nyambut kadatangan pangawas PKKS. Tim praskibra mawa pedang poral, tim pramuka mawa tongkat pramukana. Di saminggon terakhir ka acara, urang kudu gladi kotor jeung gladi bersih heula. Latihan ti énjing nepi ka Maghrib.
Silain tampil, abdi sareng tim literasi bakal nyieun pohon geulis sakola, kanggo dinilai ku tim PKKS. Urang kudu gladi, tapi kudu mérésan pojok baca ogé. Kudu bisa bagi waktu pisan. Abdi ngumpulkeun tim literasi, kanggo mérésan pojok baca anu keur dijieun. Abdi ngabagi tugas ka tim literasi, aya nu nyusun daun kanggo pohon geulis, aya nu ngagambar pohonna, aya ogé anu nyieun tulisan pojok baca. Tapi alhamdulillah, kusabab tim literasi ogé kompak, tugas urang tiasa bérés sadayana.
Sapoé saméméh acara dilaksanakeun, urang latihan anu ahir kalina. Urang latihan ti mimiti panyambutan nepi ka réngsé. Alhamdulillah sadayana tos lancar. Pojok baca anu dijieun ku tim literasi ogé tos réngsé. Anu badé tampil di panyambutan PKKS, mulih leuwih awal, kusabab kudu istirahat kanggo acara énjingna.
Di hari-H urang datang leuwih énjing, kusabab badé persiapan sareng dandan heula. Saméméh acara dimimiti, urang ngado’a heula, mugi-mugi acarana lancar nepi ka réngse. Siswa-siswi anu sakola siang ogé diwartoskeun kudu datang énjing, kusabab badé aya acara panyambutan.
Acara dikawitan. Siswa-siswi diuk di sabudeureun lapangan. Tim paskibra, tim pramuka, sareng tim seni tari, asup ka lapang badé nyambut kadatangan pangawas PKKS. Sanggeus éta, tim paskibra nampilkeun PBB, anu kompak pisan. Anu tampil kadua nyaéta tim pramuka anu kolaborasi sareng tim angklung jeung tim seni tari. Nampilkeun tarian nganggo lagu Indonesia Pusaka sareng Mojang Priangan. Aya ogé tarian Rampak Kendang tina tim seni tari.
Alhamdulillah, acarana lancar nepi ka réngsé. Urang sadaya bersyukur pisan. Latihan anu padet pisan, ngahasilkeun hasil anu nyugemakeun. Didieu kuring diajar, yén persahabatan téh penting. Kakompakan mangrupa hal utama dina ngahontal tujuan sasama.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar