“ KERJA SAMA NGADAMEUL MADING”
Nama : Zaskia
Kelas : IX B
Guru pembimbing: Citra Roska Awaliyah M.Pd
Dinteun sabtu kamari, barudak literasi teh kumpul kanggo kagiatan ngadamel mading. Sapoe ti saacan kagiatan eta, abdi tos ngeluh ngeluh ka ketua literasi nyaeta Rayya da yen barudak literasi teh sok rada seusah diajak kumpul da sok bentrok sareng ekskul nu lain. Tapi da Rayya teh kuatku sabar ngawaleran omongan abdi.
" Duh ray, enjing kumaha nya? sok sieun barudak nu kumpulna sakeudikan, engke teh ujung ujungna ku dua an deui, sok cape ka abdi na teh. " Keluh abdi ka Rayya
" Ah Bissmilah weh kia, mugi mugi nu datang na seeur an, da meren sabtu mah teu aya nu bentrok sareng ekskul nu sanes, hayu weh ayna mah urang siapkeun weh heula naon wae nu kedah diapkeun kanggo enjing " Waler Rayya
" Enya atuh sip " Saur abdi teh.
Teu ka raos, waktos teh jol tos dinten sabtu deui. Sauih bubaran sakola, abdi sareng Rayya teh datang ka ruangan tempat barudak literasi janjian kangge ngadamel mading. Pas ninggal, mata abdi langsung molotot da reuwas tea, nu hadir nembe dua orang padahal eta tos jam dua belas leuwih, ari janjian jam sabelas. Didinya abdi tosa rada sedih da hampir tiap kumpul teh sakeudikan terus.
Tapi Rayya sok mapatahan abdi yen tong sok prasangka buruk ka batur. Akhirna manehna ngajak heula abdi meser bahan bahan kanggo ngahias madingna. Tah pas uihna, urang duaan teh teu sangaja teupang sareng barudak literasi nu keur ngariung di caket perpus, ah da dari pada cape nyalira, ku abdi teh di arajakan weh.
" Barudak, hayu urang kempel tea kanggo ngadamel mading di kelas 8F " ceuk abdi sabari ngalangkung.
allhamdulillah saentos eta, nu ngiringan teh seeur an ning, sadayana ngiringan didamel sabari hareureuy da meh teu karaos teuing cape na. Dina jero hate abdi teh " rame pisan nya mun tiap kempel sadayana teh kompak kieu ". Pas nuju rame rame na, ojol ojol aya adi kelas nu bade make eta kelas kanggo nyetel in focus. Atuh sadayana teh reuwas sakaligus bingung da pidameuleun teu acan beres, acan deui kaayaan kelas nu tos pabalatak, tapi da hoyong teu hoyng kedah pindah. Akhirnya arurang ngabring pindah kelas sabari bobongkotan nyepeung babawaan. Eh pas tos aya kelas baru, Ghena, salah sahiji anak literasi ngawartosan yen barudak nu tadi teh teu cios nganggo kelas eta, atuh arurang teh bring aruih deui ka kelas nu awal.
Teu karaos, eta pidameuleun teh tos bareres, tinggal nempelkeun sareng ngahias mading na. Kusabab cape, arurang teu langsung ka papan mading, tapi istirahat heula sabari ngadangukeun jeung nyanyi lagu sasareungan. Henteu disangka, pas ninggal ka luar teh hujan, tapi da mading kedah beres dinteun eta keneh, ari nu nyandak payung teh ngan abdi hungkul. Atuh tos pasti nu nyepeng kertas sareng alat - alat kanggo ngahias mading teh abdi da meh teu kahujanan tea. ari nu lain mah lulumpatan sabari seuseurian da atoh tea tiasa huhujanan.
Saeuntos neupi ka eta papan mading, langsung sadayana bagi bagi tugas, aya nu masang wallpaper, nempelkeun kertas kertas, masangkeun daun, aya oge nu nyanyi nyanyi kanggo nyairkeun suasana. abdi resep pisan kana suasana ieu, karaos pisan kakeluargaana, pidameleun oge bisa leuwih gampang beres. Dina pangalaman ieu abdi nyandak pangalaman yen abdi teh pasti butuh bantuan ti batur, sareng sagalana anu dipigawé babarengan bakal réngsé gancang sarta ogé leuwih seru

Tidak ada komentar:
Posting Komentar