Selasa, 21 Februari 2023

 

Sobat satia
Yulia Lestari

Panonpoé panas pisan ayeuna.

Aya 4 siswa kelas 7 SMP anu keur leumpang bade uih ka imahna masing-masing nya eta aya Hardi, Rahman, Apin, jeung Halim, sok babarengan lamun rek indit sakola atawa balik sakola, bisa disebut imah maranehna padedekeut.

Lantaran imahna aya di kampung, ku kituna maranéhna balik ka imahna ngaliwatan pasawahan jeung jalan anu henteu badag teuing.

Éta kabéh anak tani unggal poé mantuan kolotna masing-masing, sanggeus balik sakola, ganti baju jeung nu séjénna Rahman, Apin jeung Halim ka imah Hardi ngajak ulin.

“hardii hayuu urang mengball” ceuk tiluanana

“Hayu, ngan abdi dipiwarang mantuan ngangon embe ku abah abdi di lapang” ceuk Hardi nu karek kaluar ti tukangeun imahna.

“Oh nya ken wae ath hayu ke ku arurang di tulungan” ceuk Rahman.

“Nya atuh ken wae hayu we urang ngangon embe sabari ulin” cek apin

Hardi sareng babaturanna, jeung bapana oge indit ka sawah lapang jeung domba na.

Pas ges nepi di lapang, bapana Hardi tuluy ngala jukut keur embena, sedengkeun Hardi jeung 3 babaturanna maen bal bari ngajaga embe nu keur ngadahar jukut, salian ti maen bal oge maen sababaraha kaulinan sejenna.

“Barudak, hayu uih ah ie tos sore” ceuk bapana Hardi

“Oh, nya bah hayu” jawab hardi

Maranehna balik ka imah mawa domba-domba anu dibawana.

Tabuh 7 peuting Hardi, Rahman, Apin, jeung Halim biasana ngariung ka masjid nu deukeut imahna pikeun ngaji.

Isukna, lantaran keur libur, opatanana biasana ngariung babarengan di saung jeung ulin sapuas-puasna.

Mun teu ulin ka sawah, biasana sok ulin ka  walungan di kampungna. Walungan di dinya kacida jernihna oge aliran caina teu gancang jadi biasana maranehna mandi tuluy newak lauk terus dibeulem didinya.

Poé-poéna dijalanan kalawan gumbira, tapi dina hiji poé salah saurang sobatna, nyaéta Rahman, kudu ninggalkeun désa sarta pindah ka désa séjén anu maksa Hardi, Apin jeung Halim pikeun pisah jeung salah saurang sobatna. Tapi silaturahmi teu eureun didinya, Rahman sok datang ka kampung baheula jang ulin jeung babaturan nu pang deukeutna nyaeta Hardi, Apin, sareng Halim, tapi maranehna maen teu sesering ciga baheula

 

Nama: Yulia Lestari
Kelas: IX E
Guru pembimbing: Ibu Neng Sri R., S.Pd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  Praktik Baik : Menjadi Content Creator Bernilai Citra Roska Awaliyah, M.Pd Guru IPA SMPN 3 NGAMPRAH Calon Guru Penggerak Angkatan ...