Sabtu, 18 Februari 2023

 


Gara gara gas ngajeos

Sheela manuhutu, IXJ, SMPN 3 NGAMPRAH
Dati Dahliana, M.Pd.

   Isuk-isuk kuring ngamimitian poé saperti biasa, nyaéta indit ka sakola. Saparantos sakola abdi biasa mulih sareng dua rerencangan abdi nyaeta Syifa sareng Rahma mimitina urang teu aya rencana ulin tapi Syifa ngasongkeun ide kanggo ulin ka imahna.akhirna urang ka imah syifa. seuri jeung guyonan babarengan

   Bari ngobrol, Syifa boga ide nyieun cilok, ahirna urang nyieun adonan heula, sanggeus nyieun adonan, tuluy ka dapur masak adonan anu geus diolah. tapi teu kahaja Rahma nyodorkeun gas nepi ka kadéngé sora gas/ngajeos, Urang panik tuluy buru-buru kaluar menta tulung tapi teu aya saurang urang acan jalmi, kuring oge ngasongkeun si Syifa jang ngageuroan indungna nu teu jauh ti imahna, tapi sanggeus sababaraha menit nungguan, Syifa balik deui tanpa indungna, cenah indungna Syifa bakal nuturkeun, Urang ngan ukur bisa ngadagoan hariwang di luar kadéngé sora gas, beuki hariwang lantaran indung Syifa teu datang, ahirna Syifa nitah adina ngageuroan indungna.adina ngageroan indungna, tapi pas balik deui, manehna teu jeung indungna, jadi Syifa nanya "dimana si emak?" adina ngajawab "si emak na masih aya di ditu, ceuk si emak teu nyaho ah" ngadenge omongan adina, urang seuri sanajan urang panik.tapi urang nyoba tenang, istilah bahasa dengeuna mah"stay cool".

   Rahma ahirna wani ngabuka regulator gas numutkeun ajaran bapana. ahirna syifa jeung rahma asup ka dapur nyabut selang gas kuring nyorong ti luar, syifa malik bari ngomong "kadieu shel teu kunanaon da" Kuring seuri jeung ngagarowok "abdi bantuan anjeun ngadoa wehh," maranehnaseuri

   Teu lila maranéhna kaluar ti dapur. "Geus?" Kuring nanya "geus" walon Rahma najan rada cangcaya urang nyobaan tetep kalem terus terang rada sieun dicarékan ku indung Syifa.

Teu lila indung Syifa datang, beungeut urang beuki pucet jeung panik, tapi indung Syifa ukur ngagerendeng ka Syifa "naha beut bisa kieu?" awas" indung Syifa ngagerendeng, ngadenge Syifa nyentak kuring seuri oge, Rahma nyenggol leungeun kuring "ulah diseungseri keun siga kitu karunya" tuluy kuring nyoba nahan seuri.

sanggeus ngaliwatan sagala kajadian anu lumangsung ahirna urang bisa masak cilok lajeng urang dahar, bari seuri nginget kajadian anu geus urang ngaliwatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  Praktik Baik : Menjadi Content Creator Bernilai Citra Roska Awaliyah, M.Pd Guru IPA SMPN 3 NGAMPRAH Calon Guru Penggerak Angkatan ...