Sabtu, 18 Februari 2023


  Lambertha Marchintya P. Z

Ibu Citra R.A
IX-D SMPN 3 NGAMPRAH
 CARITA ATU

Nina nyaeta siswi anu diuk di bangku SMA, siswi anu bageur,  aktip dina sakolanana jeung boga loba babaturan. Nina leumpang di koridor sakola jeung rek balik ka imah, Nina ampir -ampiran nabrak Pak Asep lantaran teu ati-ati. 

 “Hampura pak abdi teu ngahaja”

“Teu nanaon, oh enya Nina dipiwarang ku Pak Edi” ceuk Pak Asep

“Oh enya muhun pak…”

Nina indit ka ruangan Pak Edi anu jadi kapala sakola eta. Nyaeta orang tua Nina acan mayar acis sakola Nina salami sababaraha sasih ieu.

 “Nina mun anjeun acan oge mayar acis sakola, anjeun teu tiasa ngilu ujian sakola sasih hareup.”

“Muhun pak, abdi bade ngalunaskeun sagancangna.”

 Kitu paguneman aranjeunna pas di rohangan eta. Nina leumpang sabab teu boga duit keur naik angko Nina mapah balik sabari hate nu murung jeung hanjelu, sabari ngomong ka dirina sorangan. 

“Kumaha abdi mayarnanya, komo deui bapak geus dipecat di pagaweanana sabab covid.”

 Isukanna pas di sakola, rarai murungna can oge luntur ti raraina. Reureh tiba, rerencangan Nina ngajak ka kantin sasarengan. Tapi sabab teu boga duit, Nina leuwih milih tetep di kelasna.Itu teh ngabuat rerencangan Nina bingung, naha kunaon akhir-akhir ieu Nina murung wae.

 “Guys kunaonnya Nina mrurung wae”, wartos Vero pas di kantin.

“Enya ti kamari oge siga kitu mbungen diajak naek angkot sasarengan atawa Nina ngajauhan arurang” ceuk Dinda.

“Ntong berprasangka buruk heula guys, mereun wae Nina aya perkara, mending arurang taros ka Nina-na.” ceuk Lani

 Waktos uwih tiba, aranjeunna kaluar sareng-sareng ngatuju balik.

 “Hayu guys arurang naek angkot” Vero ngabuka obrolan 

“Enya hayu, Nina anjeun ngilu kan ?” ceuk Dinda 

“Henteu heula ah, abdi mah dek leumpang wae”

“Kunaon Nina, anjeun ngajauhan arurang? ti Kamari mbung ka kantin atawa pulang bareng wae” ceuk Lani.

“Maksud abdi lain kitu”

“Nya terus kunaon, carita atuh” Ceuk Vero.

“Abdi lain edek ngajauhan maraneh, tapi ieu kabeh sabab, abdi kudu ngahemat duit, ayeuna kondisi kaayaan kaluargi abdi turun pisan sanggeus sanggeus bapak dipecat ti pagaweanana. Ditambih deui kudu ngabayar duit sakola meh bisa ngilu ujian bulan hareup.

 kuduna carita kaarurang, meh arurang bisa ngabantu” ceuk Lani.

“Hampuranya abdi jadi ngajieun salah paham”

“Sawios, teu nanaon. Nina ayeuna mah mending arurang neang cara keur ngabayar duit sakola Nina”

“Tah bener” ceuk Dinda nu ngebenerkeun cariosan Vero.

“Guys abdi boga ide” ceuk Lani mere usulan

“Kumaha mun arurang ngadamel barang-barang atawa baju-baju bekas?”

“SETUJUUUU!!!” Kabehanana nyorakan.

Maranehna ngumpulkeun barang atawa baju bekas anu layak pake keur dijual. Ku bekerja sama jeung saling ngabantu, maranehna ngameunangkeun hasil nu ngapuaskeun. Akhirna ku hasil jualan eta, Nina bisa ngabayar duit sakolana jeung bisa ngilu ujian sakola.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  Praktik Baik : Menjadi Content Creator Bernilai Citra Roska Awaliyah, M.Pd Guru IPA SMPN 3 NGAMPRAH Calon Guru Penggerak Angkatan ...