Sabtu, 18 Februari 2023

 

BABATURAN

Nama:Christin Septrina Sitorus

Sapopoe Rani jeung babaturanna Lily,Joko,jeung Edwin barangkat babarengan ka sakolah make sepeda.Biasana teh Lily,Joko,jeung Edwin ngumpul dirumah Rani pikeun barangkat bareng.Isuk ieu Rani hayang pamitan ka indungna sateuacan barangkat sakolah jeung babaturanna.”Bu, Rani mangkat nyaa...” ceuk Rani ka indungna.Waktos keluar ti panto teh Rani langsung papanggih babaturanna.”Si Lily masih keneh henteu sakolah?”ceuk Rani ,da heran geus tilu poe Lily henteu sakolah.”Teuing da si Lily henteu aya bebeja ka arurang,kumaha mun urang ngajenguk Lily babarengan?”Edwin ngajawab.”Ayu ah urang ngilu”ceuk Joko teh.Sanggeus eta teh Rani,Joko,jeung Edwin indit ka sakolah.

Kring.....kring... Bel balik sakolah teh geus bunyi. Rani,Joko,jeung Edwin teh geus ngumpul dina pager sakolah. Sanggeus nyampe ka rumah Lily teh langsung disamper ku Rani,Joko,jeung Edwin.Lily...Lily...Assalamuaikum.. Lily teh kaluar ningali babaturanna nyamper.”Eh Rani,Joko,Edwin aya naon kadieu?”ceuk Rani teh. “Lily naha geus tilu poe henteu sakolah?”tanya Rani.Sanggeus eta Lily ngajawab,ceunah mah sapatu Lily teh rusak jadina Lily malu hayang ka sakola,geus minta ka bapana tapi ceunah can boga duit.”Lily bingung kudu kumaha,sapatu Lily teh ngan eta hungkul”ceuk Lily.”Haduh... haduh... naha Lily henteu carita?Rani teh boga sapatu nu geus henteu dipake,masih bagus da,Lily make nu Rani we!”ceuk Rani. Rani langsung nyokot eta sapatu,meh isukan Lily tiasa sakolah deui.”Haduh nuhun pisan nya Rani,Joko,Edwin geus bantuan Lily”ceuk Lily sedih.”Lily mun aya nanaon carita,da mun tiasa dibantu mah pasti dibantuan ku arurang mah”jawab Rani,Joko,jeung,Edwin.

 

Nama:Christin Septrina Sitorus

                                                                                                                  Asal Sekolah: SMP 3 Ngamprah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  Praktik Baik : Menjadi Content Creator Bernilai Citra Roska Awaliyah, M.Pd Guru IPA SMPN 3 NGAMPRAH Calon Guru Penggerak Angkatan ...