Kelas : 9H
Guru Pangajar :Bu Dati Dahliana S.E,M.Pd
Lamun kuring keur di carekan ku indung
gara-gara boga nilai nu teu alus, kuring sok mikir, naha indung jeung bapa teh
sok hayang anak na teh boga nilai nu alus jeung kudu pinter? Emang kunaon kitu lamun
boga anak nu nilai na teu butut?
Sabat bapa asup ka kamar, kuring jadi
inget omongan bapak basa keur mamatahan kuring: jaga hideup kudu ngabahagiakeun
kolot, jeung engke lamun hidep hirup rumah tangga kudu bisa makayakeun anak
jeung pamajikan, bapa teh nyaah ka hidep, lamun hidep ngarasa bapa kasar
hampura nya.
Saengges dipapatahan ku bapa kuring mikir
deui, lamun kolot nyaah ka anakna naha bisa kolot nyarekan anakna jeung neunggel
ka anakna. Isukna kuring ngomong jeung sobat kuring nu sok ngomongkeun cita
cita di sakola, kuring jeung manehna ngabahas palajaran nu kuring teu ngarti,
saeungges di bere nyaho kuring nanya: kan maneh pinter yeuh berarti hirup maneh
bahagia atuh? Teu pernah di carekan ku kolot, teu pernah ngarasakeun sia sia lamun
diajar. Waktu kuring ngomong kitu beungeut na ngadadak sedih, si Udin ngajawab:
ahh maneh mah urang jadi sedih.
Kuring jadi bingung naha si Udin jadi sedih
waktu kuring nanya kitu, waktu kuring dek nanya kunaon maneh jadi sedih, bel sakola
disada, si Udin asup ka kelas dituturkeun kukuring oge asup ka kelas.
Saengges kuring beres sakola kuring ningali si Udin balik
sorangan, kuring nuturkeun si Udin da kuring
panasaran naha obrolan nu tadi ngajadikeun si Udin sedih.
Saengges
nuturkeun si Udin, kuring ningali si Udin ngetok panto imahna, trus indungna mangmukakeun panto imahna bari
ngaleos deui ka jero imah, tapi kuring heran naha kolotna teu nanya kaayaan di sakola kumaha.
Kuring akhirna balik bari mikir naha kolot
na teu paduli ka anak na padahal anakna pinter. Pas kuring keur balik kuring karek
nyadar nyaeta kuring kudu usaha lamun hayang bisa pinter supaya kolot kuring
teu nyarekan wae.
Saengges
kuring diajar sangkan pinter akhirna kuring menang hasil anu ngabanggakeun
nyaeta pelajaran matematika menang nilai 90.
Saengges ningalian nilai matematika kuring
kacida atohna da nilaina gede.
Teu
kungsi lila kurunyung aya hiji guru nu ngadekeutan kuring, nyaeta guru matematika
nu mere nilai 90, guru eta ngomong: lamun geus sukses tong poho ka
baturan jeung tong poho ka guru guru nu geus mere nilai jeung support ka
maneh”
Saengges
ngadenge eta kuring jadi sedih, kuring sieun poho ka guru jeung babaturan anu
geus mere sumangat ka kuring, kuring boga rencana nyaeta kuring edek menta no
kontak nu aya di sakola.
Kuring balik ka imah, kolot oge kaget
sabab kuring boga nilai nu diangap ku kuring eta mustahil, kolot kuring nepi ka
cerik sabab kuring bisa asup ka sakola nu ku kuring dipikahayang
Bapak
Carindakdak bari nyarita: cing nyaah nya kasep ka kolot, bapak hayang jaga mun
maneh diwawancara di TV banggakeun kolot nya.Saengges ngadenge eta kuring
langsung ceurik balilihan.
Teu karasa waktuteh ngan sajorelat
ninggalkeun kuring, Kuring geus lulus ti sakola, menang nilai nu alus, sababaraha
waktu kuring teu karasa geus boga gawe nu gajihna gede, kuring karek inget erek
diwawancara ku TV terkenal.
Kuring
lamun diwawancara edek nyebut sobat kuring nu sok ngabahas cita cita wae,
nyaeta si Udin, kusabab saengges lulus sakola si Udin teuing kamana euweuh
bejana.
Kuring
rek nganuhunkeun ka si Udin sabab si Udin nu sok mere sumanget supaya hirupmah
kudu boga cita cita meh aya tujuan hirup.
Keur
diwawancara kuring nyarita hayang panggih jeung si Udin kusabab tisaprak lulus
sakola euweuh beja tur carita ti si Udin, Bahasa kerennamah lost contack,
eweh informasi sama sakali.
Kuring jadi kaduhung naha basa kalulusan
kuring buru buru balik ka imah, naha teu menta heula nomer kontak si
Udin nu geus jadi sobat kuring, nu engges mere bongbolongan supaya pinter tur
boga cita cita.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar